Tresna Munggaran (1)

kiriningJelegér téh sora gelap ngeundeurkeun wangunan di tengah peuting nu sepi jempling. Koréjat Abas hudang tina saréna nu tadina ngageubra tibra. Tuurna nyorodcod bakat ku reuwas. Gancang maca istighfar sababaraha kali bari ngurutan dada. “Naha meni bedas-bedas teuing sora gelap téh?” gerentesna. Rét kana wéker, kakara jam satengah dua isuk. Ras inget ka buah atina, nu teu weléh maturan dina sagala réngkakna. Bubuhan mimitian pisan wawuh jeung hiji wanoja, katurug-turug ninggang kanu geulis pisan wawuhna téh. Sulastri, kitu ngaran wanoja anu salila ieu dipicangcam beurang kalawan peuting téh.

“Duh jungjunan, teu aya nanaon kitu sareng salira?” Kuniang nangtung, rék muka pisan panto, maksudna rék ngajugjug ka panganjrekanana. Ras inget yén harita téh tengah peuting nu kacida jemplingna. Ngan ukur réangna sora gaang dipirig ku bangkong nu silih témbalan. Gap kana telepon, kakara gé rék muter pisan nomorna, ras deui inget piraku onam peuting-peuting nelepon deuih, enya mun seug anjeunna lilir, mun keur tibra kan bisa bendu.

Antukna gék diuk dina korsi nyinghareupan méja. Rét neuteup kana poto manéhna nu diréndéngkeun jeung si manéhna. “Duh Gusti, mugi Salira salamina Nangtayungan kana katresna abdi duaan..” cenah bari ngusapan poto pujaanana. Ras inget ka jaman katukang nalika anyaran panggih jeung manéhna, nyipta-nyipta mangsa-mangsa nu éstuning matak betah paduduaan. Ahirna Abas ngalamun, nginget-nginget deui ti mimiti anyaran panggih, kieu jejer caritana téh…

***

Poé Senén tanggal 17 Juli 1995, harita meumeujeuhna usum halodo. Tirisna hawa isuk anu diwawaas ku jujukutan anu masih kénéh dibaseuhan ku nyalangkrungna ci ibun. Katingal gugurilapan, marurag, lir ibarat mutiara katojo ku cahaya panonpoé nu geus mimiti némbongan tina pasaréanana.

Harita Abas anyar pisan naék kelas tilu SMA. Kabeneran bulan Juli téh anyaran pisan asup deuih sakolana. Ngan Abas mah nyalsé da sakolana gé asupna beurang tos lohor. Ari isuk-isuk mah Abas beberesih, digawé di hiji tempat kursus, salaku tukang beberesih wéh.

Bérés sasapu, tuluy nyadiakeun inuman pikeun para karyawan jeung pangajar. Geus bérés, kakara mandi supaya katingal berséka.

Kira-kira jam salapanan, Abas kaluar cicing di sisi jalan bari moyan da ku tiris téa. Bari kukuliatan ngilangkeun rariged awak balas capé sasapu ti subuh kénéh.

Rentang-rentang katingal ngaringkang hiji wanoja anu dikurudung bodas, sweater belang hideung bodas, maké sendal capit. Leumpang  keupat sabeulah da nu sabeulahna nangkeup buku. Éstuning teu rarat-rérét, tungkul wéh. Beuki deukeut beuki atra ringkangna. Gebeg téh Abas ngarénjag, naha éta wanoja téh geulis-geulis teuing. Kungsi anjeuna neuteup saliwatan da tacan pada-pada wanoh. Abas ngan ukur olohok ngembang kadu. Basa nyangigir, katingal bulu matana nu centik, pangambungna nu mancung, angkeutna lir ibarat endog sapotong, pas pisan harita imut, damisna katingal kempot, meni ngagelenyu, némbongkeun kasoméahanana.

Satu Tanggapan

  1. ieu teh nyarioskeun saha nya? hi hi hi..

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: