• Semah

    • 2.509.875 semah
  • Waktos

  • Almenak

  • Kategori

Tresna Munggaran (4)

Teu karasa harita geus aya di awal taun 1998. Bakat ku betah mah hirup, waktu téh asa meni gancang pisan. Béda jeung nu teu betah, asa lila pisan. Nungguan peuting boh nungguan beurang asa lila, padahal ari waktu mah angger, ngan ku rarasaan wungkul.

Abas jeung Lastri keur meujeuhna pakéwuh ku pagawéanna séwang-séwangan. Saking sibukna, Abas teu terang naon waé nu dilakukeun ku Lastri, da mindeng uih wengi waé. Cenah mah seueur kerja kelompok jaba tebih cenah. Samalah mah Abas kantos nungguan nepi ka jam satengah 12 peuting, Lastri nembé uih. Abas kacida nalangsana, bingung naon nu kudu dilakukeun supaya bisa ngabantuan kasusah Lastri.

Di awal bulan Mei, Abas diajak ka Masjid Pusdai, cenah aya pangaosan. Atuh kacida Abas bungaheunana, tara-tara ti sasari Lastri bet ngajak ka pangajian. Saeutik ogé Abas teu nyimpen kacurigaan nanaon. Ngan kulantaran ku jarang amprok jeung Lastri, Abas sempet héraneun ku sikep Lastri nu tiis, kaku. Pami ditaros téh sok seueur ngabalieur miceun raray. Jaba aya kaanéhan dina pisikna ogé, nyaéta rarayna téh asa teu cahayaan, jiga anu keur dirungrung ku kabingung. Kulantaran can aya waktu nu pantes pikeun cumaritana, antukna Abas nahan heula maksudna.

Gancangna carita, Abas diamprokeun jeung hiji pamuda, saumuran mahasiswa, ngaranna Agus.  Nya Agus pisan anu méré matéri pangajian téh. Ngan Abas kacida anéheun, nu jelas mah matéri pangajian téh anéh wéh, nu saumur-umur Abas, can pernah aya pangajian samodél kitu.

Kulantaran Abas panasaran, da ceuk pamikirna, mun enya ieu asalna ti Gusti Alloh, naon salahna terus diteuleuman. Singgetna dina éta pangajian, Abas kudu nyadiakeun duit sagala rupa, cenah basa na mah pikeun korban téh kudu harta heula tuluy dirina. Samalah hiji poé Lastri ngahaja datang ka tempat Abas, bari nyarios kieu, “Kang, upami Akang enya-enya hoyong ngapimilik Lastri janten bojo Akang, omat, urang kedah sa-akidah heula. Pami tos sa akidah mah, mangga kumaha Akang, Lastri rido ditikah ku Akang!” cenah. Atuh puguh Abas anéheun pisan. Naha can sa akidah, kitu? Naha ari nu diulik ku Lastri agama nanahaon? Mémang bungaheun Abas téh lebah Lastri rido dipiistri ku manéhna, tapi nya anéhna kudu sa-akidah heula cenah. Lain ngan ukur demi Lastri, ngan Abas beuki panasaran, naha ieu ajaran ti mana…? cenah

Pantaran Abas mah kawilang susah nyadiakeun duit sakitu rupiah téh, jaba pagawéan kudu ditinggalkeun, da cenah kudu hijrah sagala rupa. Lah kagok borontok, hayang nyaho nepi kamana, cenah. Antukna Abas milu wéh, dibawa ku Agus ka Jakarta, malah di-“sekap” sagala rupa sapeuting di Jl. X No.xx. Bet ku anéh, ongkoh para seniorna geus paham agama, tapi mun diajakan sholat ku Abas sok nolak. Wah ieu agama ngaco pisan ajaranna, jaba sembarangan maké Al-Quran-na téh teu maké pisan tatakrama , cenah ceuk haté Abas.

Isukna, Abas dibawa muter-muter kana mobil, da dititah peureum sagala, cenah nguji kasatiaan ka senior. Bari peureum hayam Abas nalingakeun jalan naon waé nu kaliwatan, bubuhan Jakarta téh pikeun Abas mah kota ahéng jaba lega.  Harita nu sempet kabaca ku Abas téh: jalan Duren Tiga, Jl. Radio Raya. Nya maksudna mah bisi aya nanaon nu teu dipiharep, Abas bisa nanyakeun ka masarakat di dinya, da ku ningali polahna asa beuki anéh waé.

Barang anjog ka hiji tempat, Abas dihijikeun jeung barudak nu saumurannana, masih belekesenteng, buta tulang buta daging. Didinya ogé dibéré matéri nu sarua ku hiji (meureun ustad, tapi papakéanna gaya, maké dasi sagala).

Didinya tuluy digiring ka hiji kamar nu lumayan lega, sarwa beureum. Témbok beureum, méja beureum, di luhurna aya Al-Quran nu geus lalecek, sampulna gé beureum.

Anéh, Abas jeung baturna dititah sahadat  deui, dibaé’at cenah, bari nyimpen panangan anu katuhu kana kitab suci. Abas yakin pisan, ieu ajaran geus méngpar pisan. Demi kasalametan dirina, Abas pura-pura enya-enya wéh miluan jiga nu séjénna.

Tilu poé geus kaliwat. Abas geus aya di Bandug deui. Isuk-isuk Lastri datang deui, tuluy ngucapkeun, “Wilujeng nya Kang, Lastri kalintang bingahna!”, cenah. Bari seuri mawur, Abas nampi kana ucapan éta. Lastri gé maké ngarangkul sagala, ngan karasana hambar ku Abas mah.

Meunang tilu peuting ti harita, Abas teu bisa saré tibra. Pikirannana pagaliwota. Élmu-na béntrok jeung élmu agama nu anyar ditampina. Bingung, nepi ka Abas nguruan. Dina peuting ka tilu, Abas asa dibéré pituduh, kudu ngajauhan Lastri. Abas alimeun ngorbankeun kayakinan, komo bari jeung demi awéwé. Beurat kacida hal ieu pikeun Abas. Nu salila ieu dianggap lain jadi panghalang kana kaasih Abas ka Lastri, geuning jadi pisan panghalang nu kacida beuratna. Salila ieu Abas ngarasa nu jadi panghalang téh harta jeung pakaya, da ningali agaman mah tos saé Lastri téh. “Duh Gusti, naha bet agama nu jadi panghalang abdi ayeuna..?” jumeritna haté Abas.

Ngaleupaskeun Lastri dina haté jeung pikiran Abas lain pagawéan hampang. Lastri geus matri dina haté Abas, geus ngabaju. Tiap usik tiap malik teu sirikna inget waé ka Lastri. Katurug-turug dina waktu ieu aya kajadian samodél kitu, Abas kacida baluwengeunana.

Ayeuna Abas mindeng hulang-huleng, mindeng ngalamun. Kumaha teu rek kitu, hiji-hijina wanoja nu diharepkeun sajaba ti mimiti téh bet ancrub kana dunia nu kitu, nu ceuk pamadegan Abas mah teu pantes, matak jadi pamisah.

Hiji poé Ateu Rétna nanya Abas, kamana waé Lastri téh cenah. Atuh puguh Abas gé reuwas da teu rumasaeun babarengan dina ayeuna-ayeuna mah. Nepi ka antukna Abas diguliksek, naon waé kagiatan Lastri salami ieu. Ahirna Abas cumarita, yén Lastri ngiringan hiji pangaosan nu rada anéh. Paingan cenah ayeuna mah Lastri téh nu sakitu icingan janten wanian ngalawan. Atuh perhiasanna boh cincin, geulang, sareng sajabina gé séép, kanggo agama cenah. Paromanna ogé teu cahayaan ayeuna mah Lastri téh. Ahirna sepuh Lastri nyandak kabijaksanaan, nyaéta ku ngalebetkeun Lastri ka hiji Pasantren di Jawa Tengah, dikarantina heula cenah.

Tilu bulan ti harita, Abas teu kungsi paamprok. Abas kacida manghanjakalkeunana, tapi dalah dikumaha panginten tos diguratkeun kudu kitu kajadianana. Sanggeus bérés dipasantrénkeun, Lastri dicandak deui ka Bandung. Abas pernah papendak. Mémang sonoeun pisan. Ngan Abas kacida sedihna, sihoréng haté Lastri can bisa robih, masih panceg kénéh kana “akidah” nu anyar téa.

 

Tresna Munggaran (3)

Harita, 13 April 1996 pasusubuh Abas geus aya di Masjid, bari sakalian rék masihkeun hasil ngagambar PR Lastri téa. Bérés sholat, memang ku kabeneran Lastri gé harita sholat di Masjid deuih. Atuh langsung wéh ku Abas téh dipasihkeun bari pupuntenan bisi hasilna nguciwakeun Lastri. Tapi barang ditingali pisan ku Lastri, “Subhanalloh, Kang… naha saé-saé teuing. Kumaha atuh nya, kantenan pa guru moal nyangki kénging Lastri atuh. Ih Akang meni pinteran, geuning aya bakat ngalukis Kang..!”

“Biasa wéh Nyi, janten isin, hé hé hé..”

“Eh Kang, Akang wios uih heula wéh, ngkin aya surprise kanggo Akang. Antosan nya, lima welas menit, hé hé hé.. Assalamu’alaikum!” Ceuk Lastri bari gura-giru lumpat nuju ka bumina, teu nolih ka Abas nu olohok. Gancang wéh Abas téh mulang sanggeus ngajawab salam mah,  da teu pati jauh jarakna téh. Dina haté Abas pinuh ku tanda tanya, “Naha badé naon nu geulis téh nya?” gerentesna.

Satengah genep isuk, saperti biasa Abas sasapu, bagian di hareupeun kantor. Ti kajauhan katingal saurang budak awéwé 12 taunan, pangawakan gendut, bari ngajingjing kérésék hideung. Abas haré-haré wéh sasapu da teu nyangka rék ka manéhna. Geus deukeut, horéng éta téh Dian, réréncangan Lastri ameng.

“Kang Abas nya? Punten abdi kawiatan ieu ti Téh Lastri!” cenah bari nyodorkeun kantong kérésék téa.

“Muhun, hatur nuhun Dian nya, salam kanggo Téh Lastri pami pendak nya..!” ceuk Abas bari teu sabar hayangeun geura ningali eusi kantong kérésék nu ditampina.

Sanggeus Dian jauh, Abas gagancangan muru sofa nu aya di tengah kantor. Gék diuk. Barang bréh dibuka, gebeg téh Abas ngagebeg sataker kebek. Sihoréng eusina téh Al-Qur’an! Abas bingungeun, naon maksud Lastri téh… Goréhél di lembaran ka hiji katingali aya salembar surat. Gancang dibuka, tuluy dibaca…

“Kahatur Kang Abas.

Hatur nuhun pisan nya Kang tina sadaya kasaéan Akang. Ti ngawitan ayeuna, Lastri nganggap Akang salaku kakasih Lastri, yah Ayank ya.. hé hé hé..

Perkawis Al-Quran éta, maksad Lastri mah daripada maos anu sanés-sanés, mending maos Al-Quran, leres pan..?”

Thank’s 4 all your kindness

Lastri

Barang bérés maca éta surat, teu sirikna Abas éngklak-éngklakan bakating ku bungah. Bungah nu taya wates wangenna. Pohoeun kana masalah Lastri nu sempet jadi ganjelan mah. Gancang Abas nelepon Lastri, némbongkeun rasa kabungahna dina danget harita.

***

Ti harita, Abas teu ngamomorékeun kapercayaan Lastri. Éstuning disuhun, disimpen dina embun-embunan, didama-dama, dimumulé, dipiara, dijaga kasucianana. Dina haté Abas perkara istri mah ngan ukur aya Lastri, teu aya nu sanés. Hareupeun boh tukangeun, Abas usaha satékah polah pikeun ngajaga perasaan sareng kapercayaan Lastri.

Ayeuna mah Abas boga kagiatan anyar, nyaéta sok nelepon Lastri saban malem Salasa. Da ari malem Minggu mah sok aya acara kaluarga cenah, terus mun malem Senén teleponna sok dianggo ku rakana Lastri, sok lami.

Abas gé sok megat Lastri mun angkat sakola, sok pang nyebrangkeun, diaping bisi aya lalaki nu cunihin di jalan. Ma’lum munggaran boga kabogoh. Geus teu ka itung ari modél méré kembang mah, méh unggal isuk Abas rajeun nyelapkeun kembang dina deukeut setir mobil nu biasa dianggo Lastri. Da kaayeunakeun mah Lastri mindeng nyandak mobil nyalira. Nya bubuhan jelema beunghar, tiap anggota keluarga téh teu sirikna hiji éwang mobil téh. Éta gé niatna mah lain gagayaan, ngan Lastri téh mindeng uih sonten, ma’lum tos caket ujian akhir kelas 3. Ongkoh sok hésé angkot mun geus aya tugas kelompok kudu nganjang ka babaturan sakelasna.

Kulantaran deukeut ka ujian, atuh amprok jeung nelepon téh ayeuna mah rada dikurangan ku Abas ogé, karunya cenah bisi ngaganggu.

Abas gé harita geus kuliah semester I, da disumangetan waé ku Lastri, katurug-turug mémang  Abas téh hayangeun pisan kuliah, sanajan waragadna kudu pabetot-betot jeung kabutuhan sapopoé. Jaba ayeuna Abas bari nyakolakeun adina nu anyar lulus SMP. Memang teu mungkir kana kawegigan Abas mah, sok bari dadagangan boh di tempat kuliah ogé di kantor. Mangjualkeun barang dagangan batur, ngala bati sarébu-duarébu. Geus puguh ngajar nu kursus mah, lumayan bisa nambah-nambah biaya hirup duaan jeung adina.

***

Bulan September 1996, Lastri tos mulai sibuk pikeun OPSPEK di hiji paguron tinggi, psikologi. Abas tangtu waé teu cicingeun, mantuan naon waé kaperluan OPSPEK sakumaha  bisa dilakukeun ku Abas. Misalna nyieun totopian, logo paguron jeung sajabana. Lastri kacida atoheun pisan, teu salah pilih, aya kaahlianana, cenah.

Singgetna carita, Lastri tos ngawitan kuliah. Pon kitu deui, Abas geus mimiti nincak taun ka dua kuliahna téh. Kukasibukan duanana, paamprok ayeuna mah rada jarang. Teu jiga waktu-waktu nalika SMA kénéh, sempet bisa hareureuy, bari wawanohan. Éta ogé sok nyempetkeun sanajan jarang. Ngan ayeuna mah rada gaya, amprokna di jero mobil. Ih, ngérakeun, disupiran ku wanoja, pamegetna jadi panumpang. Lah ngaranna ogé Abas, urang kampung bau lisung, rék diajar nyetir kumaha, boro-boro mobil, sapedah gé teu boga-boga acan!

Biasana sok ngajak jalan-jalan ka Kebon Binatang, lain rék nyaruakeun beungeut, tapi di Kebon Binatang mah hawana seger, bubuhan loba kénéh tatangkalan gedé nu masih kénéh rajeg.

Hiji poé mah Lastri ngajak jalan-jalan ka daerah sabudereun Salman ITB, tempat diajar nyetir mobil kapungkur cenah. Abas kacida bungaheunana. Teu sakaterang Lastri, Abas nyiapkeun hiji barang anu mudah-mudahan Lastri bisa bungaheun.

Sanggeus jangjian, gerung wéh duanana kana mobil ngajugjug tempat nu dituju. Sajeroning di perjalanan, panangan Abas teu lésot tina nyepengan bari ngusapan pundak Lastri, kacida nyaaheunna téh. Barang anjog ka tempat anu dituju, pok Lastri nyarios, “Kang, di dieu kapungkur Lastri diajar nyetir téh. Manawi Akang badé diajar, wios ku Lastri diajarkeun”

“Wios, teu kedah Nyi, bilih nabrak, kumaha tah? E… Lastri, dina kasempetan ieu, Akang ngahaja badé masihan hiji barang, mugi  Lastri tiasa nampi” ceuk Abas teu nungguan koméntar Lastri, goréhél ngaluarkeun hiji kotak leutik warna beureum. Tuluy dibuka. Eusina hiji cingcin warna pérak.

cingcin“Lastri, dina waktos ieu Akang ngan ukur tiasa masihan ieu barang, sanaos tina pérak. Du’akeun, pami aya milik panginten emas. Omat tong ditingali tina barang sareng pangaosna, nanging tingali tina kaweningan galih Akang, nu aya niat mikanyaah ka Lastri”

Lastri ngahuleng, katingal dina juru socana nyalangkrung cisoca. Duka bungaheun duka sediheun. Abas teu talangké, tuluy cingcin éta tea dicekel ku leungeun nu katuhuna. Leungeun nu kénca muru réma panangan Lastri nu katuhu. “Wios ku Akang dianggokeunana nya..” Lastri tetep cicing, teu lémék teu nyarék. Tuluy cingcin dilebetkeun kana jari manis Lastri, mesni pas pisan, da harita pahareup-hareup posisina téh, ukur kahalangan persneleng, “Subahanalloh, meni ngageulisan Lastri téh geuning. Dasar Lastri mah mémang geulis, dianggoan naon waé gé teu weléh pantes!” ceuk Abas bari tuluy narik panangan Lastri lalaunan, celemot dicium kalayan ku rasa kadeudeuh bari meureumkeun matana.

Dak dumadakan dua panangan Lastri muru raray Abas, teras disangga bari nyarios, “Sayank, yap kadieu jungjunan..!” cenah bari narik raray Abas dicaketkeun ka raray Lastri. Teu disangka, taar Abas disun ku Lastri. Atuh Abas kacida reuwas jeung bungahna. Duanana degdegan. Abas ngupingeun kumaha ratugna jantung Lastri, pon kitu deui Lastri bisa ngaraoskeun ogé, da duanana harita caket pisan méh paantel. Teras Lastri tungkul, lambey Lastri méh-méhan paantel jeung biwir Abas. Lastri gancang miceun raray ka katuhueun Abas, tuluy ngarangkul Abas kalayan geugeutna. Abas asa ngalayang, asa dina jero pangimpian, kacida éndahna, bari ngabales rangkulan Lastri. Dua nonoman keur pada-pada némbongkeun rasa kabungah, jeung kasono nu asa geus lila teu panggih. Sawatara waktu mah silih rangkul pinuh ku kabungah. Lastri mulai ngarenggangkeun rangkulanna, tuluy wajah Abas diusapan, rambutna disisiran. Abas mah peureum wéh ngararasakeun kanikmatan harita. Teu karasaeun mastaka Abas tos aya dina lahunan Lastri wéh.

***

Wanci geus sareupna, teu lila, ngong adan magrib ti tonggoheun. Duanana pajauh, istighfar, rumasa geus kamalinaan teuing.

Sanggeus duanana sarolat magrib, tuluy Lastri ngajak tuang di hiji rumah makan Padang Jl.Tamansari. Abas dihuapan, katingal Lastri deudeuheunna téh, bener-bener jiga nu sieun leungiteun ku Abas.

Bérés taruang, duanana gancang mulang, bari mawa kabungah. Sapanjang jalan duanana jiga nu alim papisah, silih cepengan. Sakapeung narik nafas jiga nu rumahuh, tapi sabenerna silih ungkapkeun rasa kabagjaan, kabungah, muji ka masing-masing pasanganna nu geuning saru micinta. Kabagjaan Lastri jeung Abas harita mah jiga nu asa can kapanggih wéh ku batur mah. Rarasaan manéhna mah dunya téh asa nu duaan téh lain bohong, beu!

 

Tresna Munggaran (2)

Hiji poé, kira-kira wanci pecat sawed, Abas digentraan ku Ibu Ela bagian administrasi.

“Aya naon Bu? Asa rareuwas teu biasana digentraan wayah kiwari..”

“Ieu Bas, Mas Sucipto teu tiasa ngawulang da aya kaperyogian ngadadak saurna mah. Janten Lastri wayahna ku Abas heula nya, da nembéan diajarna ogé, masih dasar kénéh, nembé dua pertemuan Bas..!”

Aya atoh aya reuwas Abas téh. Keur mah eukeur hayang geura wawuh ka éta wanoja. Katurug-turug dititah pisan ngajar, sahanteuna bisa mindeng amprok. Atuh antukna bari rasa masih tagiwur gé nyatujuan wéh, bari jeung can nyiapkeun matérina da bubuhan ngadadak.

Gancang Abas ngarapih-rapih manéh, nyiapkeun sagala kaperluan ngajar, tuluy asup ka léb komputer. Katingal di juru léb, Lastri keur ngeluk tungkul jiga nu keur maca modul kursus.

“Assalamu’alaikum! Leres kitu ieu téh nu jenengan Lastri téa?” Ceuk Abas ngawani-wani manéh muyarkeun kaayaan anu sepi jempling. Da mémang harita di léb téh keur suwung kunu kursus, lolobana anu kursus téh soré.

gambar“Sumuhun, dupi salira saha nya?”

“Nepangkeun, abdi Abas, dipiwarang ngagenténan Pak Sucipto anu kaleresan dinten ieu aya wagelan saurna mah”

“Oh, sumuhun, da tadi énjing parantos diwartosan wiréh anjeunna teu tiasa ngawulang..” Ceuk Lastri bari angger neuteup kana buku bacaan, ningali ka Abas saperluna. Duka isineun duka kunaon.

Bari jantung ratug, Abas ahirna ngamimitian ngajar Lastri. Kacida anèheun Abas téh, naha ngajar dina waktu harita mah dibarengan ku ratug jajantung sagala rupa, padahal ngajar nu sepuh gé geus biasa, samalah mah aya peserta kursus ti Pusdikav sagala, tapi teu degdegan saperti keur ngajar Lastri harita. Nu leuwih anéh, harita Lastri maké pakéan saragam sakola SMA. Padahal Abas nyangkana Lastri téh tos kuliah, da ningal pangawakan nu jangkung lenjang, katingal déwasa.

Dina sajeroning ngajar, haté Abas teu weléh galécok, guntreng sorangan, muji ka ieu wanoja, duh damisna, duh socana, duh imutna, duh mana geulis-geulis teuing, cenah. Ngan teu wani pok wungkul da can wawuh pisan..

Ti harita antukna Abas bisa wawuh leuwih jauh deui ka Lastri. Lastri harita kelas 2 SMAN 3 Bandung. Anjeuna anak bungsu ti tilu sadérékna, anu cikal mah cenah tos ngantunkeun basa Januari 1995.  Rada minder ogé Abas téh, bubuhan manéhna mah ukur sakola di sakolaan swasta pasisian nu kurang kajojo di kota éta mah.

***

Ti waktu ka waktu, teu karasa beuki nyérélék. Dua nonoman nu sarua keur ngambah mangsa-mangsa lalagasan, ku mindeng amprok mah jadi aya rasa nu béda ti biasana. Ceuk basa deungeun mah mun teu salah kieu, “tresno jalaran soko kulino”, katresna datang kusabab sering amprok. Mimitina nyebatkeun babaturan, lila lila nyebut “Adi” sareng “Aka”, nu akhirna “Nyai” sareng “Akang”.  Kitu nu kajadian dina waktu nu teu kungsi lila, meureun masing-masingna geus aya rasa satacan pada wanoh. Teu bisa dipungkir, geuning  ti dua insan éta, nyatana Abas jeung Lastri téa, sarua ngabogaan geter rasa, pada-pada mikaresep. Ngan ari Lastri jiwaning istri, katurug-turug hadé atikan ti sepuhna, teu ningalikeun sok komo mun miheulaan nyarita mah. Ngan tina réngkak paripolahna, Abas bisa ngarasakeun. Perkara terus terang, Abas saruana deuih, teu pisan nyirikeun yén Abas ogé boga rasa nu sarua, aya haté kadua leutik ka Lastri.  Geus loba éta gé babaturan Abas nu nyarankeun jeung ngabéjaan, yén Lastri téh resepeun ka Abas. Abas masih nahan perasaanna, bubuhan mimiti pisan, bisi salah léngkah cenah, nu antukna kalah nyandang wiwirang. Ceuk paribasa mah bisi kieu: Cau ambon dikorangan, kanyéré kapipir-pipir. Hanas Abas ambon sorangan, awéwé teu mikir-mikir… kan bisa wirang. Mun kabéh wirang, pan bisa jadi warirang! Hé3x

Sok mindeng éta gé Lastri ngadatangan tempat mess Abas dina waktu-waktu peré, nya alesanna mah rék milu ngerjakeun PR cenah. Bari sok barang candak, saperti tuangeun, leueuteun, kadang mun Abas keur ujian malah dipangmésérkeun pénsil sagala rupa. Dina enggoning ngerjakeun PR téh mémang sok diselingan ku ocon, heureuy gogonjakan, ahirna teu sadar sakapeung sok pacepeng-cepeng panangan, silih ciwit, pa-adu teuteup, serrrrr..nud cenah! Dileupaskeun deui, antukna pating kélémés aréraeun ku polahna séwang-séwangan. Nu jadi daya tarik pikeun Abas ka Lastri téh lain ngan ukur pédah geulis tina wajahna wungkul, geuning budak téh geulisna ogé dipapaés ku kalakuanna nupikaresepeun. Mun Minggu, Lastri biasa ameng ka panti-pati asuhan, saperti ka Wiyataguna di Jl. Pajajaran. Samalah mah nepi ka gaduh réréncangan sagala di dinya téh anu tunanétra, Bi Ijah namina téh, urang Subang aslina mah, nepi ka Abas gé dikenalkeun. Éstuning teu dibéda-béda gaul sareng saha waé ogé Lastri mah. Jeung deui kayungyunna téh mun amprok jeung barudak aralit anu kuleuheu, nu kucel, dekil ogé, dirangkul, dipangku, éstuning ningalikeun kanyaahna ka sasama, ka sahadapeun, handap asor, soméah, béréhan, wah sagalana nyampak lah di Lastri téh, kitu saur Abas.

Kali mangsa, wanci magrib Lastri amprok di masjid jeung Abas. Katingal ku Abas Lastri rada hulang-huleng, jiga nu aya dipikiran. Bérés sholat, tuluy Abas ngawani-wani nanyakeun. Sihoréng simana horéng Lastri nuju aya tugas ti sakolaan, teu pira ngan ukur dititah ngagambar Organ Tubuh cenah, ngan kulantaran Lastri teu tiasa ngagambarna, jadi wéh bingungeun pisan.

Ahirna Abas nawaran jasa, mudah-mudahan bisa cenah, da ari karesep kana ngagambar mah aya Abas téh.. Kacida bungaheun Lastri téh, asa manggihan obor dina kapoékan.

“Kang, omat atuhnya ba’da Isya diantos di bumi, kaleresan ari bahanna mah aya!”

“Insya Alloh Nyi, Akang badé nyempetkeun”

Ayeuna mah tos nyebat Akang jeung Nyai wéh da geus pada-pada wanoh, padahal kakara wawuh tilu bulanan, da ku mindeng amprok téa meureun.

Gancangna carita, ba’da Isya Abas geus saged dangdan mamantes manéh. Aya rasa éra ogé da saumur-umur can pernah ulin ka imah hiji wanoja. Barang anjog ka alamat anu dituju, Abas sawatara waktu mah ngahuleng miraja meneng. Abas nyinghareupan hiji wangunan anu tohaga, méwah kacida. “Duh geuning budak téh anak nu beunghar.. Beu kumaha ieu aing jadi éra kacida! Bedokeun waé kitu? Ah piraku deuih!” cenah galécok haté Abas. Aya niat rék muter deui arah, da saumuran can pernah nincak komo mun bari jeung asup ka wangunan anu élit kitu.

Dina panto éta imah gedong sigrong téh katingal aya nu kaluar, horéng Lastri pisan. “Kang, ka lebet atuh, teu saé ngajentul di dinya!” Gebeg Abas ngarénjag reuwaseun. Nu antukna mah bus wéh asup sanggeusna uluk salam.

Abas kacida katingali kampungan pisan, bubuhan can pernah diuk dina korsi nu hadé tur empuk. Harita mah asa teu napak, asa ngimpi cenah.

Lastri ngurunyung deui bari mawa sagelas ci sirop warna beureum, da tadi langsung lebet ka bumi, ngadamel heula cai sanggeus Abas dititah calik téh.

“Kang, naha sapertos nu karagok? Biasa wéh da sanés bumi nu Lastri, kagungan sepuh Lastri, he he he” ceuk Lastri muyarkeun kaayaan.

“Mangga Nyi. Duh kalintang isinna Akang téh. Akang meni minder, da Akang mah putra jalmi teu gaduh, bumi ukur dipindingan ku bilik awi”

“Kang, teu kénging kitu ah. Lastri alim nyangkut pautkeun harta, da sadayana gé ukur titipan Alloh, teu ngagaduh-gaduh Lastri mah” potong Lastri rada jiga nu kasigeung.

Lastri tuluy mesék apel ku péso, terus dikeureutan sapasi-sapasi. “Sok Kang dileueut caina. Dupi apelna bade Kang? Atanapi badé dihuapan? He he he..” heureuy Lastri

“Teu kedah Nyi, ditampi caina..!” Ceuk Abas bari haté mah bungah kacida meni ditawaran dihuapan sagala rupa. Regot Abas nginum ci sirop, amis, tiis ngageleser asa diusapan kunu geulis nu aya dihareupeunana harita. Ahirna Abas ngabiasa-biasa manéh, negerkeun haténa sorangan yén harita téh memang lain ngimpi, turta pikeun naon ngarasa kararagok sagala, meni nyirikeun pisan miskinna téh, pikirna. Lastri masihkeun buku, tuluy nunjukkeun PR na nu kudu digambar téa.

“Kang, tapi kedah réngsé wengi ieu da énjing badé dikempelkeun. Hapunten Lastri nya, ngan ukur ngarépotkeun Akang!”

“Lastri, justru kalintang bingahna pami Akang aya nu mercanten, asa aya guna na wéh hirup téh. Komo ieu dipercanten ku Lastri, meni bingah kacida manah Akang téh”

Gap Abas nyepeng buku-na. Teup paadu teuteup jeung Lastri nu pas pisan harita neuteup Abas. Abas teu ngiceup merhatikeun paroman Lastri anu pikaresepeun, pameunteu ngadaun seureuh, halis bawa ngajadi, panon cureuleuk hérang tur bulu panonna calentik, damis pikauruyeun, angkeut endog sapotong, damis semu beureum bakat kuisin meureun, nambahan kageulisanana. Katingal lambey Lastri ngageter, sakapeung digégél ku soranganna, nyumputkeun rasa meureun, jigana sami ngarasakeun naon nu keur dirasakeun ku Abas harita. Teu karasa, gap panangan Abas ngarayap nyagap panangan Lastri nu dilipetkeun duanana di lahunan Lastri. Ngarénjag ogé Lastri téh, panyana téh Abas moal wanieun kitu, ceuk haté Lastri. Lalaunan ku Abas dicepeng, disilang-silangkeun kana réma-réma Lastri, tuluy dirameskeun, mageuhan cepenganana jiga nu geugeut. Luk Lastri tungkul, bari angger ngabales cepengan panangan Abas, meureun hoyong mah hoyong tapi ogé isineun ku Abas. Jiga nu sarua alim leungiteun, alim patebih, duanana silih bales papageuh-pageuh nyepeng. Abas kacida bungaheun, cicirén Lastri gé sarua miharep Abas. Bungahna Abas dina waktu harita éstuning hésé digambarkeunana, meureun ceuk paribasa mah lir ibarat kagunturan madu, kaurugan ku menyan putih téh lain heureuy. Lemesna kulit panangan Lastri ngajadikeun Abas tengtrem haténa, beuki pogot wéh. Pon kitu deui, Lastri ogé ngarasa aya tempat keur nyalindung waktu harita mah, asa aya tempat nyarandékeun haté. Terrrr…haté duanana ngageter, jantungna pada ratug tutunggulan, silih pencrong, tuluy ngeluk tarungkul bari tetep panangan mah pageuh silih cepeng, meureun haténa mah pada-pada galécok…

Sawatara waktu kaayaan meni jempling lir ibarat gaang katincak, ngan ukur ratugna masing-masing jantung dua insan anu keur dieunteupan rasa kaasih.  Jiga gempa bumi anu kacida rongkahna, meureun aya kana 7 skala Richter-na. Duanana pada-pada ngarasakeun kumaha éndahna paamprok jeung nu jadi pujaan ati. Kabungah, rasa kangen, kaubaran sapada harita..

Rada ngageter, Abas nyarita…

“Lastri, Akang alim kailangan ku Lastri, anu beuki dieu beuki caket dina manah Akang. Anu salamina maturan dina sagala réngkak Akang. Lastri teu weléh maturan dina naon waé nu ku Akang dilakukeun. Siang dipupuja, wengi kaimpén-impén. Duh jungjunan, mugi Alloh Ngaraksa kana katresna urang duaan…”

“Sumuhun Kang, Lastri gé alim kailangan ku Akang.  Akang asa caket waé na kongkolak soca Lastri. Kang, saleresna mah tos seueur pameget nu nyalampeurkeun, miharep ka Lastri. Kalebet pun lanceuk ogé kantos ngamprokeun Lastri sareng réréncangan kuliahna, pon kitu deui Tante Retna ogé kantos ngenalkeun sareng réncang damelna. Samalih mah Mas Julianto ogé sering ka bumi, naroskeun waé kasiapan Lastri. Tapi sakedik ogé Lastri teu dipasihan resep, komo carana kitu mah. Mung ukur Akang nu aya dina manah Lastri ayeuna, mung Akang nu teu tiasa digentos ku saha waé ogé. Éstuning Lastri gé rumaos bagja wanoh sareng Akang téh.  Lastri bingah pisan Kang. Akang bénten ti nu sanés!” Ceuk Lastri bari ngusapan panangan Abas, bari kerewes kana ramo Abas bangun geugeut. Tapi teu disangka Lastri ujug-ujug nyarios kieu…“Tapi Kang..” Dak dumadakan Lastri ngaleupaskeun tina panyepeng Abas. Abas reuwas kacida, asa dipegatkeun harepan..

“Aya naon Geulis..?”

“Henteu Kang, e… teu aya nanaon..  e.. mh … Lastri can siap nyarios ayeuna..” Ceuk Lastri katingali kagét, jiga nu inget ka hiji hal anu nyadarkeun haténa, atawa jiga nu inget kana hiji hal nu jadi panghalang harita.

Abas beuki panasaran tur hariwang, tapi sanajan haben ditanyakeun ogé weléh Lastri alim nyarios. Geuning Lastri nyimpen rahasiah pribadi, duka aya naon, nu jelas jigana pohara pentingna pikeun kalangsungan hubungan Abas jeung Lastri. Abas terus ngaguliksek. Ahirna Lastri éléh géléng, kuniang cengkat, terus ka kamarna. Teu lami, jol deui bari nyandak hiji barang.

“Ieu Kang…” bari ngeluk tungkul jiga nu rumasa salah, Lastri masihkeun hiji barang. Gap ku Abas ditampa. Dina barang Eta aya tulisan “Lastri & Zukri”. Leketey haté Abas mulai ciut. Abas tos bisa nebak-nebak pikiranna.

“Kang, salami Lastri caket sareng Akang, Lastri meni asa gaduh dosa. Kumargi anjeunna kantos ngucapkeun jangji satia ka Lastri..”ceuk Lastri bari angger tungkul. Abas beuki sepa paromanna. Leuleus lir kapas kaibunan.

“Tapi Kang, disagédéngeun éta, Akang mampuh ngéléhkeun manah Lastri. Lastri nyerah Kang, karaos ayeuna mah cinta sajati téh rupina ieu. Lastri nu tiasa ngaraoskeunna Kang. Mas Zukri ogé tos lami can kantos nelepon atanapi masihan wartos deui… Nu jelas, dina waktos ayeuna mah nu sumanding dina manah Lastri téh mung ukur Akang!”

Bray, bray.. mulai deui sumanget Abas nyaangan, teu ngeleketey teuing jiga tadi.

“Alhamdulillah atuh Nyi ari kitu mah, Akang reugreug ngupingna” ceuk Abas dareuda.

“Kang, santey atuh, meni tegang kitu. Tos ah, hilapkeun wéh nya. Teu aya nanaon, ok!” ceuk Lastri bari ngarawel panangan Abas nu tadi niisan, tuluy dikerewes ku Lastri, dikeprokkeun lalaunan. Belenyéh Lastri imut, ningali panangan Abas meni tiis cebrek.

“Aéh Akang meni dugi ka kieu.. Tos atuh da teu aya nanaon, henteu, hé hé hé…”

Ahirna Abas bisa tenang deui, tuluy ngabales, nyepengan panangan Lastri meni pageuh pisan, “Nuhun pisan Geulis, Akang tenang ayeuna mah..”

“Lastri…..! Tos wengi…!” ceuk hiji sora ti tengah imah. Lastri jeung Abas ngarénjag, buru-buru duanana ngajauhan diukna, ngalupaskeun pananganna nu keur silih cepengan, tuluy mémérés buku. Nu bieu téh mamahna Lastri nyalukan. Rét ka jam dinding, mémang tos jam satengah sapuluh peuting. Asa teu karasa ari keur paduduaan jeung kabogoh mah. Lastri imut bari némbongkeun ogo na, “Kang, wengi teuing, he he he, Akang sich..” cenah bari nyiwit pundak Abas. Kareuwas Abas kaubaran ku imutna Lastri, belenyéh Abas gé mairan ku seuri leutikna.

Gancang Lastri masihkeun buku ka Abas, tuluy Abas ganjang pamit, bari di lawang panto mah teu kendat-kendat ngulang deui kahawatiran Abas ka Lastri. Sanggeus Lastri nénggorkeun imut sareng isarat sun jauh mah, tuluy Abas pamit, uluk salam.

Di satengahing perjalanan, Abas kacida tagiwurna. Rasa bungah jeung marojéngja na haté pagalo jadi hiji. Bungahna, ku bisa amprok jeung Lastri ka bumina langsung, bisa ngedalkeun isi haté turta meunang réspon hadé, bari jeung saeutikna bisa mantuan kabingung Lastri. Tagiwurna ku kecap Lastri terahir, nu geuningan nyimpen rahasiah, nu alim dipikanyaho leuwih jauh. Rasa bungah sakaligus asa aya nu ngaganjel, lumangsung dina hiji waktu nu sakotéap. Geuning Lastri gaduh carita pribadi satacan wawuh jeung Abas téh. Pikiran Abas cus cos. Harepan nu sa gedé gunung méh méhan pareum. Tapi teu weléh Lastri bisa ngubaran ku tingkahna, nu bisa nyumputkeun hiji perkara nu sakumaha waé pentingna. Samentara Abas gé negerkeun haténa, nu penting peuting harita Abas geus bisa neuleuman eusi haté Lastri, geus aya réspon, jadi asa teu mangmang deui. Ngeunaan masalah Lastri jeung Zukri, anggap wéh dodoja, kitu ceuk Abas…